Rabu, 23 Januari 2008

Ajengan Ilyas Dipapag Katumbiri

Aya hiji hal anu tansah ngagetkeun dina kahirupan urang, nyaeta beja kapapatenan. Sanajan hiji jalmi kawartoskeun tos lami teu damang, tapi dina waktuna ngantunkeun mah, tetap bae sok mere epek kaget. Teu nyangka. Sok kantenan upama ieu jalmi teh hiji tokoh anu istimewa, guru umat anu sami-sami dipihormat. Kitu pisan anu karasa nalika urang nampa beja yen KH. Moh. Ilyas Ruhiat, sesepuh Pasantren Cipasung, pupus dina dinten Salasa, 18 Desember 2007.
Memang, beja yen Ajengan Ilyas teu damang teh tos kawartoskeun dina sababaraha taun katukang. Anjeunna mulai teu damangan teh ti taun 2002, sarengsena mantena pangsiun tina kalungguhan di DPA. Saur almarhumah garwana –Hj. Dedeh Fuadah— mah, “Apih mah teu damangna nyakali, panginten kumargi salami ieu kacapean teuing ngurus itu ieu kanggo kapentingan umat.”
Seueur inpormasi ngeunaan Ajengan Ilyas, kaelmuanana, dedikasina dina organisasi, kasabaranana dina ngatik ngadidik santri. Tapi anu sok jadi kacapangan balarea mah, anu diaku ku sasaha, anjeunna teh sok disarebut Ajengan Santun. Kitu na mah kumargi anjeunna tara katingal bendu salawasna, gaduh panyangki sae bae ka papada jalmi, tansah someah hade ka semah, nyarios dina basa lemes bae sanajan ka murangkalih, tara ngabeda-bedakaun semah, jst. Eta teh saurna upami dina amaliah tasawuf mah kalebet tingkatan anu pang luhurna, anu pang hesena. Salian ti Islami teh mantena estu nyunda pisan singketna mah, lamun urang mupakat yen nyunda teh kitu prak-prakanana.
Ajengan Ilyas teh hiji caroge anu satia ka istrina, lahir batin. Sapapait samamanis nepi ka pakotrek iteuk teh lain babasan, sanajan dugi ka waktos pupusna boh anjeunna boh garwana teu kantos ngangge iteuk. Upami angkat-angkatan boh di sabudeureun Indonesia boh ka luar nagri, tara hilap nyandak oleh-oleh kangge istrina. Saur anu sok nyarengan anjeunna, ajengan memang sok ngahususkeun waktu kannggo milari cacandakan. Malah oleh-oleh teh seseringna mah sok rata kabagi ka putra sareng incu.
Ku sababaraha ajengan, unggal nganjang ka Cipasung teh inyana sok dijurung-jurung supaya nyandung, tapi anjeunna narah bae. Malah ku garwana mah sok diheureuyan, “Apih, kumaha pangjurung para ajengan teh, bade diturut?” Waler Ajengan, “Ah, Apih mah narah, Mih.” Ku kituna mah pantes, kumargi sabada Ajengan Ilyas nikah ka Ibu Dedeh dina 16 Juli 1956, duanana disaur ku ramana, Abah Ruhiat, disarengan ku rakana H. Endang Hasan sareng bojona. “Maraneh mah teu meunang nyandung! Abah mah nyandung soteh keur kamajuan pasantren.”
Ajengan Ilyas memang hormat pisan ka ramana, kumargi disagedengan rama kapanan Abah teh guruna anu paling utama, da anjeunna mah teu kantos masantren salian ti di Cipasung. Eta bae dina Pemilu 1971, sabada kampanye ti Partai NU tur kapilih janten anggota DPRD Jabar, ku Abah teh disaur, “Ilyas, urang mah ngurus pasantren bae. Lamun kabeh ka politik mah saha atuh anu bakal ngurus pangajian?” Nya atuh hasil hese cape kukurilingan kampanye teh dipasihkeun kitu bae ka nu sanes, tanpa konpensasi naon-naon, istuning ihlas seja nurut kana kasauran sepuh sareng guruna. Berekah gening, da lamun harita mugen, keukeuh jadi anggota dewan mah, urang teh meureun maol wanoh ka anjeunna siga ayeuna.
Saparantos garwana ngantunkeun (19 Juni 2007), sok remen anjeunna kabungbulengan. Kanggo anjeunna mah garwana teh karaos aya keneh bae. Loba santri alumni anu silaturahmi ka anjeunna, samameh baralik teh sok dipiwarang wawartos heula ka garwana. “Wawartos heula ka Emih nya, bilih nyeuseul.” Nya atuh santri teh sok ngaharuleng heula bari ngajawab sumuhun teh. Antukna mah maranehna teh terus ka marakam bae da diamanatan kudu bebeja heula ka Emih. Aya oge kajadian anjeunna ngajakan ka santri anu sok ngarawatna, nyusul istrina. “Itu Emih tos naek beca, hayu urang nyusul Emih.”
Rebo, 3 Oktober 2007, Ajengan Ilyas dirawat di RSHS kumargi kaserang stroke anu katilu kalina. Rada lami dirawatna teh da teras aya komplikasi sababara panyawat. Kulawarga anu nungkulan oge lebaran teh di rumah sakit. Tah, dina dinten Ahad samemeh mantena dirawat, bet maksa hoyong pendak heula sareng ibuna, Hj. Aisyah Ruhiat anu dugi ka kiwari masih jumeneng. Ka santri anu sok ngurus sapopoe, Mahdi, anjeunna keukueuh hoyong dianteurkeun ka bumi ibu. Mahdi teh aslina mah ti Timor Leste. Kulantaran hayang babakti ka guru, sabada lulus sarjana IAIC jeung meunang gawe di hiji pausahaan anu mere gajih lumayan, manehna balik deui ka Cipasung, da teu tega ngantunkeun ajengan, cenah. Nya atuh ahirna mah ku Mahdi teh dijajap ngangge korsi roda. Sabada tepang, duanana teh siga anu jagjag bae, uplek sasauran. Di antara sasauranana teh kieu:
“Emih, abdi teh ayeuna mah tos teu gaduh garwa,”
“Nya ayeuna mah urang silih doakeun bae atuh, Ilyas,” waler ibuna bangun anu surti kana kasauran putrana.
Teras Ajengan Ilyas ngadua kangge ibuna. Nyakitu deui ibuna teras ngadua kangge putrana. Kanggo ajengan Ilyas memang aya “dua” Emih, ibuna sareng garwana. Ari ka garwana mah ngabasakeun kitu pedah barudak (Acep-Ida-Enung) sok nyarebut Emih, terus ka ibuna barudak nyebut Emih Kidul da bumina aya di palih kidul. Ti saprak kajantena harita mah ajengan teh teras teu damang bae dugi ka dirawat lami di RSHS. Wangsul ka Cipasung, teras dina Jumaah, 14 Desember 2007 karaos deui stroke-na. Teras nerekab kana ginjal, dugi ka pupusna dina dinten Salasa tabuh 04.15 WIB. Saur anu nyaksian mah ajengan teh mung dina satarikan napas dina ngaleupaskeun ruhna. Estu katingali gampil tur enteng. Panginten kituna mah anjeunna ngaraos teu aya bangbaluh sareng kaabot naon-naon deui kumargi tos pasrah ka Manten-Na. Pupusna ajengan teh jangkep genep sasih sabada garwana ngantunkeun. Bet sapertos Siti Fatimah anu kabungbulengan ku pupusna ramana, Kangjeng Rosul SAW. Genep sasih sabada ramana pupus, Fatimah oge teras nyusul mantena ka alam kalanggengan.
Tah, saberesna dipulasara teras bade dicandak ka masjid, ngadadak aya katumbiri di luhureun langit Cipasung. Teu jiga biasana da harita teh teu aya hujan. Nya atuh diparoto ku anu kaburu mah. Aya tilu menitna cenah eta katumbiri teh. Saur para sepuh mah kajadian kitu teh pernah aya oge waktu ajengan Cintawana, almarhum Ajengan Ishak Farid ngantunkeun. Sanaos benten yuswa, waktos jumenengna ieu dua ajengan teh memang nyobat tur silih pikahormat.
Naon hubunganana katumbiri jeung pupusna Ajengan Ilyas? Ieu kitu bukti cinta anu sajati teh? Boa-boa almarhumah garwana diiringkeun ku para widadari surga memang mapag Ajengan Ilyas. Wallahu a’lam. (Iip)***

Versi singkat dimuat Galura, Rabu, 26 Desember 2007

Tidak ada komentar: